Posted By :
MoeQzhit
PANGAJARAN I
GIRANG
ACARA
Dina hiji acara, urang sok ningal aya jalma anu kapapancénan
ngatur acara, anu
ilahar sok disebut panata
acara atawa MC (Master of Ceremony). Pancénna
purah nyusun runtuyan
acara, nangtukeun sarta ngahaturanan saha-sahana anu midang atawa
cacarita dina éta acara.
Sagédéngeun panata acara, aya deui anu disebut panumbu
catur atawa sok katelah modérator. Ieu ogé pancénna méh sarua, purah ngatur
lumangsungna hiji acara. Bédana, panumbu catur mah ilaharna sok dipaké dina
acara sawala atawa diskusi. Éta anu dua téh urang sebut baé girang acara,
nyaéta jalma anu miboga pancén ngatur lumangsungna hiji acara.
Boh panata acara boh panumbu catur, diperedih kudu bisa
nyarita kalawan lancar, sora anu ngoncrang ngarah jéntré kadengéna, lentong anu
merenah, sarta maké basa anu genah éntép seureuhna.
Niténan Téks
Sabada dititénan, omongan panata acara téh
aya sasaruaanana jeung naskah biantara, nyaéta ayana bagian bubuka jeung
panutup anu kalimah-kalimahna ilahar sok digunakeun dina biantara. Upamana baé
nepikeun puji sukur sarta nganuhunkeun ka jalma- jalma anu ngaluuhan acara.
Panata acara téh pancénna purah ngatur lumangsungna hiji acara sangkan ngaguluyur
kalawan tartib. Manéhna anu méré waktu sarta ngahaturanan saha baé anu cacarita
atawa midangkeun pintonan. Ku sabab kitu, nyaritana teu kudu papanjangan. Cukup
ku ngahaturanan, nganuhunkeun, sarta nepikeun koméntar saperluna. Titénan ieu
conto téks omongan anu di luhur tadi!
1. Conto Ngahaturanan:
Salajengna sim kuring ngahaturanan Sadérék Syifa
Rahmawati kanggo maoskeun ayat suci Al Qur’an. Sumangga dihaturanan!
2. Conto Nganuhunkeun:
Hatur séwu nuhun ka Pupuhu Panitia, kersana Bapa Drs.
Galih Sundana anu parantos ngadugikeun biantara laporanana.
3. Conto Nepikeun koméntar:
Sabilulungan, sipat silihrojong. Sipat urang Sunda nu
kalintang éndahna. Pamugi kawih anu nembé dihaharingkeun sing nyerep kana
angen, sing nitih kana ati sanubari. Dina enggoning diajar urang salamina tiasa
silihrojong, silihasih ku pangarti, silihasah ku kabisa, silihasuh ku kaweruh.
4. Conto Mungkas acara:
Bapa miwah Ibu, kalih hadirin sadaya anu sami rawuh!
Acara Paturay Tineung parantos lekasan.
Ti sim kuring, rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih
aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahé
carék, mugia kersa ngahapunten.
Billahitaufik wal hidayah wassalamu’alaikum
wr. wb.
Pancén panumbu catur téh ngawengku:
1.
Muka sawala sarta ngahaturanan pangjejer
2.
Ngahaturanan pamilon pikeun mairan atawa nepikeun
kamandang
3.
Ngahudang sumanget pamilon sangkan mairan sarta
nepikeun aturan sawala
4.
Mungkas sarta nyindekkeun sawala:
PANGAJARAN 2
ADAT DI PILEMBURAN
Urang
Sunda hirup jeung budayana. Rupa-rupa kabiasaan atawa tradisi kasampak kénéh ku
urang di pilemburan. Urang lembur umumna tukuh kénéh ngariksa adat kabiasaan titinggal
karuhun. Komo deui di lembur-lembur anu henteu loba kapangaruhan ku
modérénisas.
Kabiasaan urang Sunda anu masih dipilampah tepi ka ayeuna
nyaéta Nadran, ngahirupkeun deui kaulinan barudak, jeung paélmuan urang Sunda
ngeunaan rupa-rupa lemah (taneuh).
Niténan Adat Kabiasaan
Dina wacana-wacana sunda urang sok manggihan sawatara tradisi atawa budaya Sunda
anu nu masih kénéh hirup di budaya sunda, diantarana:
1.
Upacara
Sérén Taun
Upacara anu diayakeun minangka tanda sukur ka
Gusti Nu Maha Suci, ngeunaan hasil tatanén, sarta miharep hasil nu leuwih
punjul dina taun hareup. Runtuyan kagiatanana ilaharna nyaéta ngadu’a, murak
tumpeng, jeung pintonan rupa-rupa kasenian tradisi.
2.
Salametan
Maleman Opat Welas
Salian
ti sérén taun, aya deui salametan nu diayakeun saban bulan dina maleman opat
welas purnama. Ieu salametan téh ngadu’akeun anu geus parupus/maot sarta ménta
kasalametan ka Gusti Nu Maha Suci, sangkan rahayat salamet sarta raharja.
3.
Wangunan
Imah jeung Palasipahna
Pikeun urang sunda, imah téh diwangun ku tilu
bagian sarta miboga harti sewang-séwangan.
a. Bagian tengah disebutna “buana panca tengah”
nyaéta tempat cicingna manusa.
b. Bagian handap atawa kolong imah, disebutna “buana handap”, nyaeta
tempat cicingna bangsa lelembut atawa siluman.
c. Bagian luhur/suhunan, disebutna “buana luhur”, nyaeta tempat
cicingna karuhun.
Upacara
melak batu téh ngaruntuy dina sawatara kagiatan, nyaéta:
a.
Ngunduh Watu, néangan atawa milihan batu di walungan
pikeun dijadikeun ungkal biang.
b.
Ngunduh Matur, néangan tatangkalan anu bakal dipelak di
sabudeureun batu.
c.
Makukeun, melakkeun batu di hiji tempat, deukeut imah pupuhu
kampung.
5.
Warogé
Warogé téh gambar atawa simbul tina
jangjawokan Sunda baheula anu diukir dina kai. Dina warogé aya lima gambar
kalawan miboga ngaran masing-masing, nyaéta:
a. Haranghasuan (warogé simbul seuneu), gunana pikeun
ngalolongkeun panon lelembut nu niat ngaganggu pakampungan atawa lahan tatanén.
b. Ratuning Tutulak (warogé simbul taneuh), pikeun panulak bala
tina gangguan manusa atawa jin nu niat jahat.
c. Watu Panggilang (warogé simbul batu), panulak bala tina
gangguan mahluk gaib nu aya dina batu.
d. Wangapah (warogé simbul cai), panulak bala tina
gangguan mahluk gaib nu aya di cai.
e. Wawayangan (warogé simbul angin), panulak bala tina
gangguan mahluk gaib nu aya di awang-awang.
6.
Kasenian Parebut Sééng
Ieu kasenian téh saenyana kaasup penca.
Diayakeunana upama aya jajaka anu rék ngalamar mojang. Tah, si jajaka kudu
némbongkeun kamahéran menca sarta kudu bisa ngarebut sééng ti hiji lalaki.
Upama sééng bisa karebut, mojang anu dipikahayang bisa dikawin.
7.
Istilah kasenian anu séjénna
Salian ti anu geus dipedar di luhur, aya deui
sawatara istilah anu patali jeung tradisi urang Sunda, nyaéta:
a.
Imah panggung, imah anu aya kolongan, dadamparna anggang
tina taneuh, contona:
“Di pilemburan ogé ayeuna mah geus langka
imah panggung téh.”
b. Leuit¸ wangunan husus paranti nyimpen paré,
contona:
“Saban réngsé panén urang Sindangbarang
ngunggahkeun paré kana leuit, diluluguan ku pupuhu kampung.”
c. Suhunan, babagian imah anu pangluhurna, contona:
“Tuh geuning, japati téh areunteup dina
suhunan!”
d.
Pantun, carita buhun (baheula) anu loba nyaritakeun karajaan.
Carita pantun sok dilalakonkeun ku juru pantun kalawan dipirig ku
kacap, contona:.
“Pantun téh kaasup kasenian buhun anu kiwari geus taya dikieuna..”
e.
Pundén, tina kecap pundi, nyaéta barang anu disuhun atawa
disangga ku barang séjén, contona:
“Upama ulin ka situs urang sok manggihan
pundén-pundén batu.”
f.
Sasajén, tina kecap saji, sasajian, nyaéta barang atawa
kadaharan anu disajikeun/disuguhkeun. Dina kabiasaan urang Sunda
sasajén téh miboga harti husus, nyaéta barang atawa kadaharan anu disuguhkeun
ka karuhun atawa ka bangsa lelembut, contona:
“Kumaha paménta Ki Dukun téh, enya cenah
ménta sasajén hayam camani?”
g.
Parukuyan¸ wadah tempat meuleum menyan, contona:
“Aki Dira ngagereyem mapatkeun jampé, nyanghareupan
parukuyan nu geus ngelun.”
h.
Kolong, rohang imah bagian handap, contona:
“Ari hujan mah hayam téh ngariuhan ka kolong
imah.”
i.
Lelembut, dedemit, roh, mahluk gaib, contona:
“Jurig téh kaasup bangsa lelembut anu sok
ngaganggu manusa.”
j.
Kawung, ngaran tutuwuhan, sok disadap, caina disebut lahang,
amis, sok ditaheur dijieun gula, contona:
“Lian ti disadap lahangna, kawung ogé sok
diala injukna, pikeun dijieun tambang atawa hateup imah.
k.
Panulak bala, atawa tulak bala, nyaéta barang atawa
tutuwuhan anu sok dipaké nyegah gangguan bangsa lelembut,
dedemit.
“Jukut palias sok dipaké tulak bala sarta
ilaharna disimpen di luhureun panto.”
l.
Jangjawokan, jampé, mantra, contona:
“Bari madep ngulon, Nini Usih ngagereyem
mapatkeun jangjawokan.”
m.
Tatanén, barangpelak, contona:
“Di pilemburan mah loba kénéh anu tatanén
téh, boh melak paré boh palawija.”
n.
Gamelan, tatabeuhan sapuratina, goong, saron, atawa
anu ilahar sok dipaké dina kasenian degung , contona:
“Gamelan téh surupanana béda-béda, aya anu
maké surupan saléndro, pélog, aya ogé degung.
o.
Ngalamar, pihak lalaki nanyaaan ka pihak awéwé pikeun maheutkeun
pernikahan, contona:
“Béjana isukan Kang Ruhimat jeung kulawargana
rék ngalamar Néng Elin.”
p.
Penca, seni béla diri anu ngutamakeun gerak dina wangun jurus-jurus,
contona:
“Di urang anu kasohor téh di antarana penca
Cimandé, Cikalong, jeung Sahbandar.”
PAKEMAN
BASA
Urang Sunda mah ari nyarita téh aya kalana sok tara togmol
ka nu dimaksud, tapi malibir malar henteu nerag karasana sarta anu diajak
nyaritana surti.
Malibirkeun omongan bisa ku rupa-rupa ungkara, upamana
baé ku babasan, ku paribasa, atawa ku kekecapan séjén anu maksudna henteu
nembrak. Urang kudu wikawanoh sawatara pakeman basa anu ilahar sok dipaké
nyarita ku urang Sunda dina kahirupan sapopoé.
Niténan Pakeman Basa
Dina wacana urang sok manggihan sawatara
babasan jeung paribasa, contona : “jati kasilih ku junti, hadé tata hadé
basa, hadé gogog hadé tagog, soméah hadé ka sémah,”.
Ieu babasan jeung paribasa téh kagolongkeun
kana pakeman basa, nyaéta
ungkara anu kekecapan jeung hartina geus matok sarta teu bisa dirobah deui.
Pakeman basa sok disebut ogé idiom, nyaéta tina
basa Yunani idios,
hartina sorangan, mandiri, husus, atawa has. Harti anu kapanggih dina pakeman
basa atawa idiom disebut harti idiomatik.
Naon bédana babasan jeung paribasa?
1. Babasan nyaeta: ungkarana parondok, mangrupa kecap kantétan,
hartina umumna ngagambarkeun kaayaan atawa pasipatan jalma.
2. Paribasa nyaeta: ungkarana paranjang mangrupa kalimah sarta
ngandung harti anu leuwih jero, mangrupa pépéling, atawa palasipah hirup.
Dina omongan sapopoé éta babasan jeung
paribasa téh osok dipaké pikeun mamanis basa atawa pikeun ngantebkeun maksud
anu nyarita.
Conto-conto kalimah di handap anu ngagunakeun
babasan jeung paribasa.
Conto Kalimah anu ngagunakeun babasan:
1.
Ulah
atah anjang atuh ari ka dulur
téh, Lis, bisi matak teu wawuh!
2.
Leuh kayungyun ku Galih mah, hampang birit, tara ngaengkékeun ari dititah téh.
3.
Kahadé
ulah kéna-kéna boga préstasi tuluy gedé
hulu, ké batur teu resepeun.
4.
Ieuh, jadi jalma mah kudu bodo aléwoh, daék tatanya ka batur ari teu bisa téh.
5.
Mang Opik mah héjo
tihang, pipindahan baé bangun teu betah lila di hiji tempat.
Conto Kalimah anu ngagunakeun paribasa:
1.
Ulah awuntah ari boga rejeki téh, kudu bisa ngeureut neundeun, ngarah aya simpenan keur poé
isukan.
2.
Sing getol baé diajarna, Ujang, geuning paribasa gé lamun
keyeng tangtu pareng. Ku soson-soson
mah bakal kahontal nu dipimaksud.
3.
Ulah sapihak ari nyieun kaputusan téh, kudu leuleus jeujeur liat tali, bisa
ngayunkeun kahayang nu lian.
4.
Adéan ku kuda beureum Dikdik mah, pakéan kerén tapi meunang
nginjeum ti batur.
5.
Urang Cibodas mah akur sauyunan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, babarengan silih
rojong dina migawé naon-naon ogé.
Sangkan urang leuwih wanoh kana babasan jeung
paribasa, ieu aya conto-conto babasan jeung paribasa séjéna sarta hartina.
Conto Babasan
1.
|
Amis
budi
|
=
|
hadé
budi, teu weléh seuri ka batur.
|
2.
|
Amis
daging
|
=
|
babari
borok
|
3.
|
Ayem
tengtrem
|
=
|
senang haté,
teu boga kasieun/kahariwang
|
4.
|
Babalik
pikir
|
=
|
sadar
tina kasalahan
|
5.
|
Béak
déngkak
|
=
|
geus
ihtiar rupa-rupa tapi teu hasil
|
5.
|
Béngkok
tikoro
|
=
|
teu
kabagéan dahareun lantaran telat datang
|
7.
|
Beurat
birit
|
=
|
kedul,
hésé dititah
|
8.
|
Buntut
kasiran
|
=
|
pedit,
korét
|
9.
|
Cueut
ka hareup
|
=
|
geus
kolot
|
10.
|
Dogdog
pangréwong
|
=
|
saukur
(omongan) panambah
|
11.
|
Élmu
ajug
|
=
|
mapatahan
batur bari sorangan teu bener
|
12.
|
Épés
méér
|
=
|
babari ceurik,
babari peunggas harepan
|
13.
|
Gantung
déngé
|
=
|
teu
anggeus anu didéngékeun
|
14.
|
Gantung
teureuyeun
|
=
|
henteu
cacap barang dahar,
|
|
|
|
lantaran
kadaharanana kurang
|
15.
|
Getas
harupateun
|
=
|
babari
nuduh/ngahukum
|
16.
|
Gurat
batu
|
=
|
mawa
karep sorangan
|
17.
|
Hampang
leungeun
|
=
|
babari
neunggeul
|
18.
|
Handap
lanyap
|
=
|
ngomongna
hadé padahal maksudna ngahina
|
19.
|
Haréwos
bojong
|
=
|
ngaharéwos
tapi kadéngé ku batur
|
20.
|
Haripeut
ku teuteureuyeun =
|
babari
kapincut ku pangbibita
|
21.
|
Hawara
biwir
|
=
|
bébéja
ka batur saméméh dipigawé
|
22.
|
Heuras
genggerong
|
=
|
ngomongna
kasar
|
23.
|
Heureut
pakeun
|
=
|
saeutik
pangaboga
|
24.
|
Indit
sirib
|
=
|
indit
sakulawarga
|
25.
|
Kawas
gaang katincak
|
=
|
jempé,
teu ngomong
|
Conto Paribasa
1.
Adat
kakurung ku iga = adat atawa kalakuan goréng sok hésé dirobahna.
2.
Agul ku payung butut = agul ku turunan atawa kulawarga
sorangan.
3.
Asa mobok manggih gorowong = boga kahayang ari pék aya
nu nyumponan atawa aya nu méré jalan bari teu disangka-sangka.
4.
Aya
cukang komo meuntas = aya jalan tepi ka laksana anu dipikahayang.
5.
Banda tatalang raga = harta téh pikeun nulungan raga
(awak).
6.
Batok bulu eusi madu = katénjo luarna (awakna) siga nu
goréng padahal jerona (haténa) alus.
7.
Bengkung bekas nyalahan = robah tingkah laku, keur
budak alus ari geus kolot goréng.
8.
Bentik curuk balas nunjuk
= resep nitah ka batur.
9.
Buruk-buruk papan jati = najan gedé dosana ari dulur
mah sok hayang nulungan.
10.
Caina hérang laukna beunang = ngaréngsékeun perkara ku
cara anu hadé teu matak tugenah.
11.
Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok = lamun
tuluy dipigawé tangtu bakal karasa hasilna.
12.
Clik putih clak hérang, caang bulan opat belas = beresih
haté, iklas, teu aya rasa keuheul atawa tugenah.
13.
Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawéan anu
baku.
14.
Gindi pikir belang bayah = goréng sangka atawa goréng
haté ka batur.
15.
Goong nabeuh manéh = ngagulkeun diri sorangan.
16.
Hadé gogog hadé tagog = hadé omongan jeung tingkah
laku.
17.
Hadé tata hadé basa = hadé tingkah laku jeung hadé
omongan.
18.
Halodo sataun lantis ku hujan sapoé = kahadéan anu
loba leungit ku kagoréngan anu saeutik
19.
Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat .= indung
jeung bapa téh sumber kasenangan.
20.
Jati kasilih ku junti = anu hadé kasilih ku nu goréng.
21.
Kaciwit
kulit kabawa daging = kababawa ku batur anu nyieun kasalahan
23.
Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun ku nu
ngalakukeunana. tapi mahi, aya hasilna.
24.
Landung kandungan laér aisan = jembar pikiran atawa
wijaksana dina nyanghareupan pasualan.
25.
Lauk buruk milu mijah = pipilueun kana hiji kalakuan
ku lantaran kabawakeun ku batur.
26.
Lodong
kosong sok ngelentrung = jalma anu loba omong élmuna saeutik.
PANGAJARAN 4
NULIS LAPORAN KAGIATAN
Sabada urang ngayakeun hiji kagiatan, urang
kudu bisa nuliskeun laporan tina éta
kagiatan. Bentuk tulisanana ngaharib-harib karya
ilmiah, resmi, henteu kawas
nulis karangan fiksi/karangan. Naon-naon
anu kasaksén dina hiji kagiatan kudu dituliskeun kalawan jéntré.
Ari maksudna, ngarah hiji kagiatan téh bisa
jadi catetan atawa dokuméntasi sarta bisa kabaca ku nu lian. Ku sabab kitu
merenah pisan upama dina pangajaran basa Sunda,
urang diajar nulis laporan tina hiji kagiatan.
Susunan Laporan Kagiatan
1. Kasang Tukang
Kagiatan
3. Waktu jeung Tempat
Tujuan Kagiatan
4. Pamilon Kagiatan
5. Waragad Kagiatan
5. Eusi Kagiatan
MACA NOVÉL
Dina sastra Sunda loba pisan novel anu bisa dibaca. Témana
ogé rupa- rupa, ti mimiti anu ngaguar kahirupan manusa di jaman bihari tepi ka
anu nyaritakeun kahirupan modéren di alam kiwari.
Maca Novel Béda jeung maca carita pondok anu ukur
ngasongkeun hiji peristiwa. Bédana maca novel mah leuwih anteb karasana, sabab
anu dipedarna ogé leuwih jero. Galurna carita leuwih panjang sarta loba konflik
carita anu matak resep nuturkeunana.
Naha novel Sunda
ukur nyaritakeun alam
pilemburan wungkul?jawabna,
Henteu. Dina novel Sunda ogé urang bisa manggihan kaayaan kiwari, manusa jaman
kiwari, anu geus bisa ngagunakeun
hasil téknologi. Contona novel
anu téma na “Rasiah Kodeu Binér”
anu nyaritakeun misteri bilangan binér. Atawa “Catetan Poéan Réré” anu nyaritakeun tokoh Réré nu teger
jeung si lalaki anu teu normal bogoh ka lalaki deui.
Naon ari nu disebut novel?
Novel téh carita rékaan anu panjang dina wangun basa lancaran
(prosa). Béda carpon anu sing sarwa singset, novel mah jalan caritana loba
bagian-bagianana. Kitu deui palakuna ogé loba sarta mangsa anu kacaturna lila.
Novel umumna diréka tina pangalaman atawa kahirupan manusa anu réalistis,
kaharti ku akal. Palaku, jalan carita, tempat jeung waktu lumasungna carita
dina novel napak dina kanyataan.
Upama dititénan caritana, novel téh ngabogaan
unsur-unsur carita:
1.
Palaku, nyaéta jalma-jalma anu ngalalakon. Dina palaku, aya palaku utama, nyaéta anu loba dicaritakeun ku
pangarang sarta loba nyorang kajadian. Aya ogé palaku panambah, nyaéta anu kalungguhanana ukur marengan
palaku utama.
2.
Latar, nyaéta patempatan jeung waktu anu kasabit-sabit dina
carita.
3.
Galur, nyaéta bagerakna carita tina hiji
kajadian kana kajadian séjénna.
4.
Téma, nyaéta poko pasualan carita anu hayang ditepikeun
ku pangarang ka nu maca, Contona; kanyaah indung, buméla ka lemahcai, ganjaran
ka nu sabar, wawales ka nu sarakah, jeung sajabana.
Novél Dina Basa Sunda
Dina
sastra Sunda réa novel anu geus ditarulis ku para pangarang. Novel Sunda anu
munggaran medal nyaéta Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata,
anu medal dina taun 1914. Salian ti éta aya deui novel nu séjénna, upamana baé
Agan Permas (1926) karangan Yuhana, Rusiah nu Goréng Patut (1928) karangan
Sukria jeung Yuhana, Mantri Jero (1928) karangan R. Méméd Sastrahadiprawira,
Laleur Bodas (1940) karangan Samsu, Pahlawan-Pahlawan ti Pasantrén (1966)
karangan Ki Ummat, Pipisahan (1977) karangan R.A.F. (Rahmatullah Ading
Affandie), Béntang Pasantrén (1978) karangan Usép Romli HM., Potrét (1986)
karangan Ahmad Bakri, jsb.
DRAMA
Drama
téh salah sahiji wangun karya sastra anu sok dipagelarkeun. Urang tangtu kungsi
lalajo pagelaran drama, boh langsung boh tina media VCD atawa Televisi.
Naon anu kudu dipilampah upama urang
hayang mintonkeun drama? Anu pangpokona nyaéta tangtu kudu aya naskah, sabab
dina naskah ayana leunjeuran carita.
Niténan Naskah Drama
Dina naskah drama upama ku urang dititénan,
ciri anu pang katingalna tina naskah drama nyaéta ayana paguneman (dialog). Ieu
minangka ciri anu ngabédakeun naskah drama jeung wangun karangan anu séjénna. Tegesna
drama téh carita rékaan anu winangun paguneman (dialog) para palaku. Dina
naskah drama katémbong ayana ciri-ciri anu khusus, nyaéta:
1)
Pertélaan palaku, nyaéta anu ngabéréndélkeun ngaran jeung
katerangan ngeunaan palaku. Aya ogé drama anu henteu maké pertélaan palaku.
2)
Babak jeung adegan, nyaéta anu ngabagi-bagi karangan drama.
Unggal babak dibagi jadi sababaraha adegan nurutkeun robahna kajadian. Aya
drama anu ukur diwangun ku sababak jeung aya anu sababaraha babak.
3)
Candraan atawa katerangan dina awal babak, nyaéta nerangkeun kaayaan latar, suasana,
palaku, kajadian jeung sajabana, contona:
(Sang Prabu, Praméswari, Para Putri, Ponggawa, jeung
Paman Léngsér arasup ka panggung. Sang Prabu katénjo henteu bérag. Gék diuk,
tuluy hulang-huleng, Bangun keur boga kabingung.)
4)
Paguneman, nyaéta kalimah langsung para palaku anu silih témpas,
contona:
Gusti Prabu
|
:
Ih, orok ajaib atuh éta mah. Terus naon nu matak jadi
|
|
kahariwang Paman?
|
Paman Léngsér
|
:
Numawi, Gusti Prabu, éta orok téh rampus pisan
|
|
sagala dituang.
|
Gusti Prabu
|
:
Alus, Paman, hartina éta orok téh séhat.
|
Paman Léngsér
|
:
Sanés kitu, Gusti Prabu, anu dituangna téh sanés
|
|
kadaharan
|
wungkul. Pepelakan di buruan, anak
|
|
hayam, malah ka lamak bubu-tutan ogé sok
dituang
|
|
ku orok téh.
|
|
Gusti Prabu
|
: (Seuri ngagakgak) Ha ha ha....Turunan
jurig sugan,
|
|
Paman! Nya alus ari daék ngadahar lamak
bubututan
|
|
mah, da harga béas keur mahal apan ayeuna
téh!
|
5)
Prolog jeung épilog
Prolog ditulis dina awal drama, eusina katerangan
ngeunaan lalakon anu disuguhkeun.
Épilog ditulis dina bagian panutup drama, eusina
kacindekan lalakon jeung naséhat pangarang.
Drama kaasup kana sastra lalakon, lantaran
karangan drama ngébréhkeun paripolah palaku. Para palaku sina meta sarta
maguneman jeung palaku lianna. Ieu anu ngabédakeun drama jeung carita rékaan
lianna, upamana baé novel atawa carita pondok anu ngébréhkeun paripolah palaku
ku cara dicaritakeun ku juru catur.
Dina drama mah dilampahkeun atawa bisa
katémbong dina omongan para palaku.
Karangan Drama Dina Basa
Sunda
Dina sastra Sunda loba pisan karangan drama
anu kungsi dipagelarkeun, upamana baé: Lutung Kasarung (R.T.A. Sunarya),
Yaomal Kiyamah (RAF), Masyitoh (Ajip Rosidi), Cahaya
Maratan Waja (Yus Rusyana), Bandung Lautan Api (Rukasah S.W.)
Prabu Siliwangi (Yoséph Iskandar), Inten Déwata (Wahyu Wibisana), Raja Wales (R.
Hidayat Suryalaga), Prabu Tarusbawa (Saini KM), Nagri Katumbiri (Nunu
Nazarudin Azhar), Cukang (Dadan Sutisna), Bandéra! Bandéra! Bandéra!
(Toni Lesmana). jsb.
Untuk Latihan Soal Sunda Kls IX (Sembilan), Silahkan
KLIK DIDYEU WE TONG D MAMANA
Kata Kunci Soal :
Muksit89